Babasan & Paribasa Flashcards
Leuleus jeujeur liat tali
gedé tinimbangan, sabar nyanghareupan masalah
Galéhgéh gado
soméah ka batur
Cik putih clak hérang
rido/ikhlas
Aya bagja teu daulat
meunang bagia tapi teu jadi mangpaat
Karasa pait-peuheurna
karasa matak susah jeung senangna
Amis budi
sipat hadé pikareseupeun nu lian
Caina hérang laukna beunang
meunang hasil nu dimaksud ku jalan badami, teu ku paksa-pirusa
¬Hampang birit
daékan mun dititah
Béngkok tikoro
teu kabagéan dahareun lantaran teu datang/geus béak
Goong nabeuh manéh
muji diri sorangan
Gedé hulu
sombong
Pindah pileumpangan
robah sipat sabab jadi beunghar
Hampang leungeun
Daék nulungan batur
Ngabuntut bangkong
teu bisa nuluykeun carita/katerangan
Bucat bisul
ngarasa lugina sanggeus ngaréngsékeun pagawéan beurat
Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal
hirup kudu ati-ati, maké itungan jeung pikiran nu bener
Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha
kahadéan dibales ku kagoréngan
Batok bulu eusi madu
goréng rupa, tapi pinter & bageur
Kabeureuyan mah tara ku tulang munding, tapi ku cucuk peda
cilaka biasana lain ku masalah gedé, tapi ku masalah leutik
Halodo sataun lantis ku hujan sapoé
kahadéan nu geus sakitu lilana leungit ku hiji kagoréngan
Kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung
jelema nu getol digawé, antukna meunang rejeki
Bentik curuk balas nunjuk, capétang balas miwarang
kabisa ngan nitah wungkul, tara prak digawé ku sorangan
Asa ditonjok congcot
meunang rejeki nu teu disangka
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
sagala rupa ogé najan sakumaha héséna, lamun dileukeuan lila-lila gé jadi bisa
Kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan
Kudu junun ari néangan ilmu, ulah kabéngbat ku nu lain
¬Mobok manggih gorowong aya jalan komo meuntas
dibéré jalan/kasempatan
Jati kasilih ku junti
pribumi kasingkirkeun ku semah