wujud asli pak irpan Flashcards
mahallll
Karangan anu eusina ngajentrekeun hiji objek, kumaha prosesna, tujuanana, jeung gunana disebut karangan …
a. Dadaran
b. Narasi
c. Alesan
d. Pedaran
d. Pedaran
Teu beda jeung adegan karangan lianna, raraga atawa kerangka pedaran ngabogaan tilu bagean, nyaeta …
a. Bubuka, eusi jeung tema
b. Amanat, tema jeung eusi
c. Bubuka, eusi, pamungkas
d. Eusi, amanat, jeung pamungkas
c. Bubuka, eusi, pamungkas
Kecap “Pakem’ ngandung harti …
a. Robah
b. Mirip
c. Angger
d. Lengkep
c. Angger
Pakeman basa anu disusun ku kecap atawa gundukan kecap tur ngandung harti injeuman (kiasan) disebut …
a. Kekecapan
b. Babasan
c. Paribasa
d. Rakitan Lantip
b. Babasan
Ieu di handap anu henteu kagolong kana babasan nyaeta …
a. Kawas hayam panyambungan
b. Buntut kasiran
c. Gede hulu
d. Hampang birit
a. Kawas hayam panyambungan
Paribasa ‘kudu leuleus jeujeur liat tali”, ngandung harti …
a. Jalma anu kokomoan, tina sagala euweuh jadi sagala aya
b. Wijaksana dina mutuskeun atawa milampah sagala hal
c. Ngalampahkeun pagawean anu teu surup jeung hate
d. Kudu sagala daek boh kana gawe badag boh gawe lemes
b. Wijaksana dina mutuskeun atawa milampah sagala hal
Anu kagolong kana paribasa pangjurung laku alus (nasehat baik), nyaeta …
a. Ulah bengkung bekas nyalahan
b. Beungeut nyanghareup, hate mungkir
c. Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak
d. Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat
d. Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat
Ulah neupi ka kajadian, ari keur budak hade kalakuan, ari geus kolot jadi goreng kalakuan. Paribasa anu keuna keur gambaran eta wawaran, nyaeta …
a. Ulaha hiber memeh janjangan
b. Ulah kabawa ku sakaba-kaba.
c. Ulah biwir nyiru rombengeun
d. Ulah bengkung bekas nyalahan
d. Ulah bengkung bekas nyalahan
Pakeman basa ngabahas ungkara kalimah anu ngandung harti babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa, disebut ….
a. Babasan
b. Kekecapan
c. Paribasa
d. Rakitan lantip
c. Paribasa
“Budakna Pak Irpan dibabarkeun taun Saka 1943 lamun dirobah ka taun Masehi jadi taun ….
a. 1865
b. 1863
c. 2021
d. 2024
c. 2021
Dina babasan aya kecap ‘‘Buntut kasiran’’ nu hartina …
a. Babari dititah
b. Koret atawa medit
c. Sombong
d. Kedul
b. Koret atawa medit
Dina kekecapan aya kecap ‘‘Teu eleh geleng’’ hartina ….
a. Teu eleh kakuatan
b. Teu aya kahayang
c. Koret atawa medit
d. Engke ka hareup
a. Teu eleh kakuatan
Aya kalimah ‘‘Nyai panggedekeun kompor’’ (anu digedekeun teh lain komporna, tapi
seuneuna). Conto kalimah tersebut kaasup kana pakeman basa …
a. Kekecapan
b. Babasan
c. Rakitan lantip
d. Caturangga
c. Rakitan lantip
Runtuyan kecap-kecap atawa omongan anu eusina panyarek sangkan ulah
milampah hiji pagawean, kaasup jenis pengertian pakeman basa …
a. Babasan
b. Paribasa
c. Candrasangkala
d. Panyaraman
d. Panyaraman
Aya paribasa ‘‘Adat ka kurung ku iga’’ hartina …
a. Mikahayang nu pamohalan bisa kalaksana
b. Tabeat mah hese dipiceunna atawa dirobahna
c. Goreng hate, resep nyilakakeun batur
d. Ribut mimitina, tapi teu aya buktina
B. Tabeat mah hese dipiceunna atawa dirobahna
'’Meunang ….. tina burang’’
Kecap nu merenah keur ngalengkepan paribasa di luhur nyaeta …
a. Titirah
b. Tumbal
c. Luang
d. Jurig
c. Luang
“Moro … ngaleupaskeun peusing.”
Kecap nu merenah keur ngalengkepan paribasa di luhur nyaeta …
a. Buuk
b. Julang
c. Hurung
d. Tandukan
b. Julang
Aya paribasa “Anjing ngagonggong kalong”, hartina ….
a. Mikahayang nu pamohalan bisa kalaksana
b. Tabeat mah hese dipiceunna atawa dirobahna
c. Goreng hate, resep nyilakakeun batur
d. Ribut mimitina, tapi teu aya buktina
a. Mikahayang nu pamohalan bisa kalaksana
Susunan kecap atawa ungkara kalimah anu dihartikeun henteu sacerewelena, tapi kabiasaan make dadaran kalantipan, disebut ….
a. Rakitan lantip
b. Caturangga
c. Panyaraman
d. Candrasangkala
a. Rakitan lantip
Ieu di handap paribasa anu kekecapana ngandung bagian awak (pribahasa yang ada kata bagian tubuh), iwal…
a. Hapa-hapa ge ranggeuyan
b. Adat ka kurung ku iga
c. Ngusap birit bari indit
d. Tamiang meulit ka bitis
a. Hapa-hapa ge ranggeuyan
Paribasa ieu di handap anu kekecapana patali jeung alam, iwal ….
a. Asa tungkeb bumi alam
b. Halodo sataun lantis sapoe
c. Ngajul bulan ku asiwung
d. Bonteng ngalawan kadu
d. Bonteng ngalawan kadu
“Pak Irpan dibabarkeun taun 1988 lamun dirobah ka taun saka jadi taun ….
a. 1910
b. 1920
c. 2026
d. 2036
a. 1910 (dikurang 78)
Harti paribasa “kudu bodo alewoh” nyaeta …
a. Hirup teu daek akur, ngan pasea wae
b. Omongan nu dua maksudna
c. Mun urang teu nyaho, kudu daek tatanya
d. Mun rajin usaha, awal ahir pasti hasil
c. Mun urang teu nyaho, kudu daek tatanya
Disajikan pertanyaan, peserta didik dapat
memahami arti dari babasan “hampang birit”
Babari dititah
Ciri Pakeman Basa
- Pakeman Basa nyaeta ungkara basa anu husus tur mandiri
- Winangun kalimah atawa gundukan kecap anu geus matok atawa ejahanana
- Geus ditaker diwatesanana
- Boh dirobah tempatna atawa dilemeskeun.
Disajikan pertanyaan, peserta didik dapat
memahami arti dari pribahasa “Gindi pikir belang bayang”
Goreng hate, resep nyilakakeun batur
Disajikan pertanyaan, peserta didik dapat
memahami arti dari kekecapan “Paeh pikir”
Teu aya kahayang
Disajikan pertanyaan, peserta didik dapat
memahami dan mengetahui contoh panyaraman.
Ulah diuk dilawang panto, bisi nontot jodo.
Disajikan pertanyaan, peserta didik dapat
memahami pengertian dari candrasangkala
Nyaeta kaweruh ngeunaan taun kajadian hiji perkara anu dibalibirkeun tur make Taun Saka. Ari bedana taun Saka jeung taun masehi the 78 taun.
Disajikan pertanyaan, peserta didik dapat
memahami pengertian dari uga.
Nyaeta sabangsa ramalan ngeunaan maju mundurna kayaan nagara, anu diucapkeun ku karuhun urang jauh samemeh kajadian.
Naskah drama anu judulna “Nini Uti Nemu Cepuk” teh dikarang ku…
R. Hidayat Suryalaga
Palaku utama dina drama nu judulna “Nini Uti Nemu Cepuk”, nyaeta
Nini Uti
Naon pagawean sapopoe Nini Uti teh?
Ngiderkeun sorabi
Naon anu kapanggih ku Nini Uti ti sisi gang teh?
Cepuk
Kumaha watak Wiyaga 1 jeung Wiyaga 2 teh?
Goreng sangka
Watek Nini Uti
Jujur
Latar tempat teks drama ‘‘Nini Uti Nemu Cepuk”
Sisi Gang
Hartina ‘‘Gede Hulu’’
Sombong
Bahasa Indonesiana karangan pedaran
Teks Eksposisi