Ha Flashcards
Ke
Karangan anu eusina ngajentrekeun hiji objek, kumaha prosesna, tujuanana, jeung gunana disebut karangan …
a. Dadaran
b. Narasi
c. Alesan
d. Pedaran
d. Pedaran
Teu beda jeung adegan karangan lianna, raraga atawa kerangka pedaran ngabogaan tilu bagean, nyaeta …
a. Bubuka, eusi jeung tema
b. Amanat, tema jeung eusi
c. Bubuka, eusi, pamungkas
d. Eusi, amanat, jeung pamungkas
c. Bubuka, eusi, pamungkas
Pakeman basa anu disusun ku kecap atawa gundukan kecap tur ngandung harti injeuman (kiasan) disebut …
a. Kekecapan
b. Babasan
c. Paribasa
d. Rakitan Lantip
b. Babasan
Kecap “Pakem’ ngandung harti …
a. Robah
b. Mirip
c. Angger
d. Lengkep
c. Angger
Anu kagolong kana paribasa pangjurung laku alus (nasehat baik), nyaeta …
a. Ulah bengkung bekas nyalahan
b. Beungeut nyanghareup, hate mungkir
c. Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak
d. Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat
d. Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat
Paribasa ‘kudu leuleus jeujeur liat tali”, ngandung harti …
a. Jalma anu kokomoan, tina sagala euweuh jadi sagala aya
b. Wijaksana dina mutuskeun atawa milampah sagala hal
c. Ngalampahkeun pagawean anu teu surup jeung hate
d. Kudu sagala daek boh kana gawe badag boh gawe lemes
b. Wijaksana dina mutuskeun atawa milampah sagala hal
Ieu di handap anu henteu kagolong kana babasan nyaeta …
a. Kawas hayam panyambungan
b. Buntut kasiran
c. Gede hulu
d. Hampang birit
a. Kawas hayam panyambungan
Ulah neupi ka kajadian, ari keur budak hade kalakuan, ari geus kolot jadi goreng kalakuan. Paribasa anu keuna keur gambaran eta wawaran, nyaeta …
a. Ulaha hiber memeh janjangan
b. Ulah kabawa ku sakaba-kaba.
c. Ulah biwir nyiru rombengeun
d. Ulah bengkung bekas nyalahan
d. Ulah bengkung bekas nyalahan
Pakeman basa ngabahas ungkara kalimah anu ngandung harti babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa, disebut ….
a. Babasan
b. Kekecapan
c. Paribasa
d. Rakitan lantip
c. Paribasa
“Budakna Pak Irpan dibabarkeun taun Saka 1943 lamun dirobah ka taun Masehi jadi taun ….
a. 1865
b. 1863
c. 2021
d. 2024
c. 2021
Dina babasan aya kecap “Buntut kasiran” nu hartina …
a. Babari dititah
b. Koret atawa medit
c. Sombong
d. Kedul
b. Koret atawa medit
Dina kekecapan aya kecap “Teu eleh geleng” hartina ….
a. Teu eleh kakuatan
b. Teu aya kahayang
c. Koret atawa medit
d. Engke ka hareup
a. Teu eleh kakuatan
Aya kalimah “Nyai panggedekeun kompor” (anu digedekeun teh lain komporna, tapi
seuneuna). conto kalimah tersebut kaasup kana pakeman basa …
a. Kekecapan
b. Babasan
c. Rakitan lantip
d. Caturangga
c. Rakitan lantip
Runtuyan kecap-kecap atawa omongan anu eusina panyarek sangkan ulah milampah hiji pagawean, kaasup jenis pengertian pakeman basa …
a. Babasan
b. Paribasa
c. Candrasangkala
d. Panyaraman
d. Panyaraman
Aya paribasa “Adat ka kurung ku iga”, hartina …
a. Mikahayang nu pamohalan bisa kalaksana
b. Tabeat mah hese dipiceunna atawa dirobahna
c. Goreng hate, resep nyilakakeun batur
d. Ribut mimitina, tapi teu aya buktina
b. Tabeat mah hese dipiceunna atawa dirobahna
” Meunang ….. tina burang”
Kecap nu merenah keur ngalengkepan paribasa di luhur nyaeta …
a. Titirah
b. Tumbal
c. Luang
d. Jurig
c. Luang
“Moro … ngaleupaskeun peusing.”
Kecap nu merenah keur ngalengkepan paribasa di luhur nyaeta …
a. Buuk
b. Julang
c. Hurung
d. Tandukan
b. Julang
Aya paribasa “Anjing ngagonggong kalong”, hartina ….
a. Mikahayang nu pamohalan bisa kalaksana
b. Tabeat mah hese dipiceunna atawa dirobahna
c. Goreng hate, resep nyilakakeun batur
d. Ribut mimitina, tapi teu aya buktina
a. Mikahayang nu pamohalan bisa kalaksana
Susunan kecap atawa ungkara kalimah anu dihartikeun henteu sacerewelena, tapi kabiasaan make dadaran kalantipan, disebut ….
a. Rakitan lantip
b. Caturangga
c. Panyaraman
d. Candrasangkala
a. Rakitan lantip
Ieu di handap paribasa anu kekecapana ngandung bagian awak (pribahasa yang ada kata bagian tubuh), iwal…
a. Hapa-hapa ge ranggeuyan
b. Adat ka kurung ku iga
c. Ngusap birit bari indit
d. Tamiang meulit ka bitis
a. Hapa-hapa ge ranggeuyan
Gede Hulu
a.Sombong
b.Pinter
C.Marah
D.Miskin
A.Sombong
Naskah drama anu judulna “Nini Uti Nemu Cepuk” teh dikarang ku ….
a. Yoseph Iskandar
b.R. Hidayat Suryalaga
c. R. Dadi Danusubrata
d. Wahyu Wibisana
b.R. Hidayat Suryalaga
Palaku utama dina drama nu judulna “Nini Uti Nimu Cepuk”, nyaeta
a.Nini Uti
b. Wiyaga 1
c. Wiyaga 2
d. Nini Surti
A.Nini Uti
Naon pagawean sapopoe Nini Uti teh?
a. Ngiderkeun sangu koneng
b. Nyieun cireng
c. Dagang bala-bala
d.Ngiderkeun surabi
D.Ngiderkeun surabi